Ya Allah.
Jumaah barokah. Pon kitu ogé paparin kabarokahan kanggé urang Jabar anu nuju aya di Palémbang.
Paparin kasaéan kanggé sadayana.
Ya Allah.
Mugia, Persatuan Sepak Bola Indonesia Bandung. Tiasa janten pinunjul.
Sabada sababara hal "peurih" dibalurkeun ka arurang (Dilicikan, didenda, sanksi, dibalédogan, ditijek ku PSSI), kuring yakin. Aya "peurah" anu bakal bisa diasaan ku PERSIB jeung BOBOTOH. Sabab éta paribasa téh geus luyu jeung naon anu kajantenan. "Peurih jadi peurah".
Ya Allah.
Sanésna kuring fanatis. Tapi anjeun maparin kuring haté anu tangtu fungsina keur nyaahan jeung deudeuhan. Salah sawiosna ka PERSIB salaku kleub anu dipikareueus.
Ya Allah.
Neda dihapunten kanggé PSSI. Pamugi Anjeun maparin kasadaran kaunggal anggotana. Pon kitu ka mafia anu aya disabudeureuna.
Mung sakitu kereteg kuring sateuacan jumaah. Pamugi.
#MariBungRebutKembali
#PoéanPERSIB
#PERSIBday
#PERSIBjawara
#JumaahBarokah
Cicalengka 07 November 2014
Tidak ada komentar:
Posting Komentar