ayeuna tabuh

Tampilkan postingan dengan label Mantra. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Mantra. Tampilkan semua postingan

Selasa, 19 November 2013

Asihan

pret salayang
pret salasih
ret anu hayang ret anu asih
mungka welas mungka asih
asih ka badan aing

Asihan

sisir aing sisir sikat sikat ti pamikat
pang malikeun angen (ngaran lalaki/awewe)
irung kuwung-kuwungan
pipi katumbirian
tarang lancah mentrangan nya halis panungtung asih
mangka welas mangka asih ka badan aing

Asihan

minyak aing minyak watu
meunang menta ti ratu
meunang neda ti dewata
gek cula naga lenggang
gek cula naga herang irung
kuwung-kuwungan pipi katumirina
tarang lancah mentrangan jauh
ka irut deukeut kahurip-hurip
paket asihan aing

Asihan

minyak aing minyak watu
meunang guguru ti ratu
meunang neda ti dewata
sakueur anu matak salalembur
matak ear sa jajagat
nu ti kidul nu ti kaler
nu ti wetan nu ti kulon
nya ka aing muruna
nya ka aing nu boga asihan
buah panca tengah teh

Asihan

Ashadu ala illaha illallh
asihan aing si ciung wulung
nu hurung dina jajantung
nu herang dina kalilipa
anu di kandung ku indung
anu di gugulung ku bapa
gek sia (ngaran lalaki/awewe) diuk menta rasa
rasa aing aya di sia (ngaran lalaki/awewe) rasa sia aya di aing
rep siep sari
eunteup ka raga awaking
muga welas, muga asih
mung asih ka badan aing

Asihan

Kirincing ati si Semar
Si Semar mere niah
Si tagug mulya nangis
Ah ahu
Ah laku
Asihan aing

Singlar meh teu eraan

Sima aing
Sima maung
Anu nangtung
Siga lutung
Anu nagog
Siga bagong
Nya aing jelemana sorangan

(Gebrig hareupeun panto tilu kali bari tiup pantona)

Kamis, 27 Desember 2012

Jampe Ku Seungseureudan

Aing nyaho di asal sia
ti tegal ti awat-awat
ti alas peuntas
hutang cai taur manis
hutang jarum tong di bayar

Jampe Kabeuleum

Seuneu putih asup ka jalma daging putih
cah rasa cah keresa
Sama Ludja ti tuur maung entot meang
dicecep ku kole gede
cep tiis cep tiis
ashadu sahadat sipating Alloh
min sara man sara
tiis ti peuting ngeunah ti beurang
rep sirep... rep sirep...

Jampe Potong

Bismillah
kulit tepung kulit
urat tepung urat
lamad tepung lamad
tulang tepung tulang
pet rapet ku kersaning Alloh
(sebutkeun ngurut : tulang, urat, daging, getih, kulit, bulu)

Sarat : Jukut palias di capek tuluy tempelkeun di tempat anu nyeri/tatu.
Upama nu tatu dibengker, kudu make geutah supaya gancang rapet deui.

Jampe Ticengklak

Raja aing raja pamuna
pamunah ti qudratulloh
pangmulangkeun asalna panyakit ti kulon
kudu balik ka kulon
asalna panyakit ti kaler
kudu balik ka kaler
asalna panyakit ti kidul
kudu balik deui ka kidul
asalna panyakit ti wetan
kudu balik deui ka wetan
asalna panyakit ti luhur
kudu balik deui ka luhur
asalna panyakit ti handap
kudu balik deui ka handap
la ilahailalloh pasti Rosululloh
hurip hurip (ngaran nu diubaran) sebutkeun...

Jangjawokan Muriang

Cakra maya Sang Ratu ingsun
diditakeun iman sang satu waras
waras ku kersaning Allah

Katerangan : Puasa wedal 8 poe

Jampe Ngubaran Rieut

Bismillah
Nini uju-uju Aki uju-uju
Ulah nuju ka nu tungtung sirah
Nuju ngala kayu batu
Rep sirep ku sang idu putih
Nyampe waras nu nyampe di beurang ti peuting
Waras ku Pangeranna
Sahadat...

Jampe Beunghak Beuteung

Cakakak di leuweung
injuk talina
dihakan dibeuweung
hitut jadina
plos blong plos blong...

Jampe Nyeuri Beuteung

Bismillah
Syahadat 3x
mules rasa anu mokaha
ulah cicing dina kulit
ulah nyangsang dina badan
hurip ku nabi waras ku Alloh
badan si....
(sebut ngaran bari nempelkeun jempol dina beuteungna)

Jampe Nyeuri Beuteung

Peujit pabeulit
Puseur pacangreud
Ka luhur pindah ka jantung
Salatri pindah ka cai
Belekbek belegu... ...
Belekbek belegu... ...

Sabtu, 08 Desember 2012

Panyinglar (Panyawat - Nu Sirik)

Singlar aing singlar duna
Singlar aing singlar rosul
Disinglar ku pangabaran aing
Bilih aya nu sirik dengki jail kaniaya
Pang nyinglarkeun ku Eyang Haji Jaga Sakti
Mbah Wulung Jaga Kantong Eyang Haji Langlang Buana
Bilih dongkapna panyawat ti palih kulon
Pangnyinglarkeun
Bilih ti pada bangsa jin
Ti siluman pangapingkeun
Ti peutingna pangjagakeun
Ti beurang ku Eyang Haji Jaga Sakti
Mbah Wulung Jaga Kantong Eyang Haji Langlang Buana
Waras ku kersaning Alloh Taala

Jangjawokan (Ulah eleh - Percaya diri)

Sima aing sima maung
Sima aing ngaran ratu maung tea
Ngaran singa tea
Pangabaran buhaya tea
Singa tampak ka suhunan
Sungut hurung letah ruhai
Ditalian ku pangarti
Ditambah ku pangabaran aing

*Cara meulina moal diwartoskeun kumargi bilih aya anu di salah gunakeun

Singlar

Singlar aing singlar duna
Duna aing duna Allah
Duna Rasulullah
Di singlar ku kanjeng Nabi Muhammad
Bersih badan
Bersih nyawa
Bersih ku kersaning Allah
Lailahaillallah Muhammadan Rasulullah
Astagfirullah hal adzim
Asyhadu anla ilaa haillallah
Wa asyhadu anna Muhammadan Rasulullah
Bul kukus Sang Kadering (Sang Kadering) menyan
Di buana Panca tengah
Kanu seda kanu sakti
Tegesing ratu rembesing kusumah
Abdi nyuhungkeun pangdongkapkeun
Ka Sunan Ambu Ratna Rarang
Ka Pohaci Ratna Karang
Wa ashadu ka Sadati
Ti pambaran murba araning Allah
Sing rasa sun alangit
Pohaci Mayasari
Masing terus ka jasmani
Palilisan saayana di bumi
Suk yanng (Suk yanng - Suk yanng) Bumi
Suk yanng (Suk yanng - Suk yanng) Langit

Jangjawokan

Bismillahirrahmanirrahim
Dongdoyon Sang Dongdoyon
Kek melekeh cahaya ti belah wetan
Leg bumi leg langit
Tiis alabatan angir jangri
Cep tiis ce tiis