ayeuna tabuh

Tampilkan postingan dengan label FIKSIMINI BASA SUNDA. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label FIKSIMINI BASA SUNDA. Tampilkan semua postingan

Selasa, 04 Maret 2014

FIKMIN # Dongéng Ema #


Harita mah ema sok ngadongéng. Diditu didieu kadéngé ema ngadongéng. Ti isuk jedur nepi ka soré jedér kadéngé. Sora kasedih, kasusah, kabungah jeung kaambek ngahieng dina ceuli. Di imah, di  buruan, di sakola malahan mah di puseur dayeuh ogé tuluy ngusapan ceuli.
Kiwari ema geus tara cumarita. Ema mindeng jempling. Teuing kunaon.
Lir di kuburan. Lir angin nu simpé.
Ema.
Kuring sono. kuring hayang ngadéngé deui dongéng anu kiwari geus kasilih ku junti.


Selasa, 18 Februari 2014

FIKMIN # Warta #

Dina warta keur ramé ngeunaan macét. Unggal stasiun telepisi hampir sarua ngawartakeun ngeunaan macét. "Kiwari macét diditu didieu. Masarakat beuki réa anu meuli jeung maké kandaraan. Pamaréntah kudu bisa ngawates masarakat dina barang beuli jeung maké kandaraan sangkan macét bisa dikurangan."
Sabada warta bérés tuluy aya iklan "Hadirilah pésta rakyat di jalan kemayoran. Total hadiah 50 mercedes. 30 grand livina dan ratusan motor yang akan dibawa ke rumah".

Jumat, 20 September 2013

FIKMIN #Hirup#

aya kaéndah nalika subuh datang
tasbih ibun ngeclak dina tatangkalan
kawas rébuan wirid muka poé
hiliwirna angin ngusap raga
kawas kecap "wilujeng sumping" ti alam dunya.

aya kamelang nalika beurang datang
héabna matapoé, ngucurkeun masalah dina panasna
ngumbar kaambek dina sérabna
mawa kanapsu anu nyocoan
Tapi ! némbongkeun tanggung jawab anu badagna

aya kagumbira nalika méga ngagupayan
geleng urat dunya ngupahan haté
méré kanyaah ku iuhna dunya
sagala kamelang geus ngajengkang
ditarajang ku mangrébu-rébu béntang
teu aya deui anu kedah dilakonan

Heup!

antep bulan anu ngagantung sina mépéndé
kawas kecap "bral geura miang"
hariring peuting anu dipupusti
ngupahan capé.. panutup poé..

Kamis, 03 Januari 2013

FIKMIN #Anti Amerika#

ORMAS ISLAM nyaram kadatagan presiden Amerika datang ka nagarana. Kafir bejanamah. Tuluy Produk-produk amerika teu menang di daharan samodel Koka-kola, Pried ciken jsb. Manehna ngumbar-ngumbar aksi protes keur ngabejaan kabeh ORMAS nu aya di nagarana liwat Pesbuk jeung Twitter.

Yasfi Maziya Mufida. 28 Desember 2012.

FIKMIN #Kukulutus#


panon poe ngaheab, kitu oge hate kang Ruslan anu kacida ambekna nempo budakna ngider wae euweuh di imah. Tuluy dipangmeulikeun komputer jeung gem na sangkan budakna cicing di imah. Budak kacida bungahna. Kitu oge kang Ruslan jadi teu hariwang deui. Teu lila dina warta tipi aya beja yen egrang di aku ku nagara tatangga. Kang Ruslan kukulutus. "kaulinan aing keur leutik dipaokan. Areuweuh kaera kitu!!"

Yasfi MaziyaMufida. 2 Januari 2013.

FIKMIN #Nu Nyengir Dina Baliho#


unggal baliho aya inohong anu nyalonkeun gubernur bari mamawa ngaran sunda. Make iket mah, kujang atawa babasan. Beja mah rek ngamumule budaya sunda.
kiwari 'bahasa'na keur ka ancam. "Cenah mah bahasa sunda rek dileungitkeun ku au boga kakawasaan".
aktipis, sastrawan, budayawan jeung mahasiswa sunda ngoprot kesang ngabela.
tapi anu dina baliho kalahka jongjon nyengir.



Yasfi Maziya Mufida. 31-Desember-2012