ayeuna tabuh

Tampilkan postingan dengan label Sajak. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Sajak. Tampilkan semua postingan

Senin, 27 Oktober 2014

Datang jeung Mulang

Didieu téh..
Aya anu datang aya anu mulang
Anu datang pasti bakal mulang
Mung Sang Hyang anu terang
Naha urang mulang ka imah
Atawa ka alam barjah
Can lila aya anu mulang
Dibekelan obat ngarah cageur
Tapi ;
Teu lila ogé aya anu mulang
Teu dibekelan nanaon
Ukur dunga jeung cisoca
Innalillahi
Karasa aya hawa ngeukeupan
Kana ceuli
Mépéndé kana haté
Kieu pokna ;
Hidep ogé bakal mulang
Bakal !


Al-Islam Senén 27 Oktober 2014 20:05

Kamis, 17 Oktober 2013

Pohon Itu

Pohon itu

Tidak lagi hijau

Tapi biru, merah kuning beserta monyet tersenyum

Pohon itu

Oksigennya membuat kita menahan nafas

Karena harus ada jaminan BPKB atau STNK

Pohon itu

Tidak lagi bersih dan indah

Karena di pohon itu terdapat penyedot tinja

Oh pohon

Nasibmu malang sekali

Jumat, 20 September 2013

Dodoja

Nalika némbongan
Haté asa cangcaya
Awak asa rangsak
napsu narémbongan
harepan, kabungah.. béak ngoréjat.

Ngan..
Naha Manusa diciptakeun sakur kuméok?
Naha Manusa dibéré uteuk lain keur mikir?
Naha Manusa diciptakeun sakur keur paéh?

Kembang

Kembang mawar


éndah, ulah ditanya!
seungit, ngahiliwir ngagupay manah
di pupusti ku unggal kumbang nu hayang eunteup.
Tapi kahadé..
aya cucuk anu bakal nyura
nojos kana manah
nalika urang kamalinaan teuing kana kaéndahanana!

Sementara

Sementara, sebagian manusia
Ingin menikmati
Ingin merasakan
dan ingin menjadi
Sementara, sebagian manusia
acuh tak peduli
diam dan memaki
tertawa tapi tak tahu diri !

apakah sebuah kausal memberi makna kesia-siaan? kenihilan?
atau memberi kesadaran?
entahlah..
sepertinya manusia mahluk yang tak tahu diri !!

Maha

Hey kau yang MAHA !!
Apa yang kau pijak?
Tak sadarkah dunia terlalu cepat dan sia-sia?
Untuk sebuah ego yang kau genggam!
Untuk semua materi yang kau hamburkan!
Untuk segudang perkara yang kau acuhkan!
Dan untuk sebuah strata yang kau ludahi!

Sementara kau hanya tertawa.
Ha .. Ha .. Ha ..

Kamis, 03 Januari 2013

Damri

Dina damri aya katumbiri
Amis jiga gulali
Ari nu mimiti?
Anu geus jangji bela pati?

Sabtu, 01 Desember 2012

Cinta dan Budaya

ada
tak peduli !
hilang dicuri
sadar dan menyesal !

Hariring

aya nu seuri aya nu bendu
ting gorowok ting cakakak
napsu kalawan kesel
hariring ngupahan bendu

Akibat

hawa ngaheab lir seuneu ngabebela
manuk tingkoceak kapanasan
turaes teu eleh geleng gararandeng
tangkal tarungkul nahan kanyeri

Damai

langit biru
gunung menjulang
hembusan angin membelai
ku bersandar
dalam damai
indahnya oh alam

Cicalengka

Tangkal gugupay
walungan ngalocor
pasir ngarunggunuk

tapi hanjakal ukur bihari

beton meulah tangkal
runtah mendet walungan
pasir geus kasingkir

deudeuh teuing kiwari

Dunya

didieu kuring cicing
dihandapeun biruna langit
tiisna hiliwir angin
sugema jatining rasa
mikacinta karya Sang Raja

Jaman

indung peuting
di papag ku hiliwir angin
hariring ngawanda rasa
panineungan mirig talaga
mung kiwari geus lain bihari

Aku Ingin

Aku ingin
tumbuh bersama jenis bunga lainnya
duduk bercengkrama di bawah rindangnya pohon
bukankah indah
jika kumbang-kumbang hinggap bersama
membuat dunia kita penuh warna

Carangcang Tihang

ibun nu ngeclak
matak muringkak
angin nyelecep
pinuh ku pangarep
suruput kopi
pelenyun udud