ayeuna tabuh

Tampilkan postingan dengan label Seni. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Seni. Tampilkan semua postingan

Kamis, 27 Desember 2012

Pupuh Ladrang


Ladrang mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.

Conto tembang

Aya hiji rupa sato leutik
Engkang-engkang, engkang-engkang
Sok luluncatan di cai
Ari bangun arek sarupa jeung lancah

Coba teguh masing telik
Eta gambar sidik-sidik
Sato naon kitu wanda
Reujeung dimana ayana

Pupuh Wirangrong


Wirangrong mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun nu kawiwirangan, éra ku polah sorangan.

Conto tembang

Barudak mangka ngalarti
Ulah rek kadalon-dalon
Enggon-enggon nungtut elmu
Mangka getol mangka tigin
Pibekeleun sarerea
Modal bakti ka nagara

He barudak mangka ngarti
Ulah rek kadalon-dalon
Nungtut elmu jeung pangarti
Masing rajin soson-soson
Pibekeleun hirup tandang
Modal bakti ka nagara
Lemah cai anu urang
Perlu dijaga dibela

Pupuh Sinom


Sinom mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.

Conto tembang

Warna-warna lauk empang
Aya nu sami jeung pingping
Pagulung patumpang-tumpang
Ratna Rengganis ninggali
Warnaning lauk cai
Lalawak pating suruwuk
Sepat pating karocepat
Julung-julung ngajalingjing
Sisi balong balingbing, sisi balungbang

Harta pada nareangan
Harti pada ngararungsi
Sabab duanana guna
Harti bisa mere bukti
Harta pon kitu deui
Bisa ngabul nu dimaksud
Nedunan sakahayang
Tapi harta gampang leungit
Munguharti mangpaat dunya akherat

Pupuh Pucung


Pucung mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju haté.

Conto tembang

Lutung buntung luncat kana tunggul gintung
Monyet loreng leupas luncat kana pager dengdek
Bajing kuning jaralang belang buntutna

Hayu batur urang diajar sing suhud
Ulah lalawora bisi engke henteu naek
Batur seuri urang sumegruk nalangsa

Pupuh Pangkur


Pangkur mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.

Conto tembang

Seja nyaba ngalalana
Ngitung lembur ngajajah milangan kori
Heunteu puguh nu dijugjug
Balik paman sadaya
Nu timana tiluan semu rarusuh
Lurah begal ngawalonan
Aing ngaran Jayapati

Euleuh itu budak gembul
Awak gembru bayuhyuh gawena kedul
Ukur heuay jeung nundutan
Ka sakola unggal poe kabeurangan
He barudak tong nurutan
Ka nu gembul kokomoan
Bisi kedul jeung ogoan
Awal akhir katempuhan

Pupuh Mijil


Mijil mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun kasedih tapi bari gedé harepan.

Conto tembang

Mesat ngapung putra Sang Arimbi
Jeung mega geus awor
Beuki lila beuki luhur bae
Larak-lirik ninggali ka bumi
Milari sang rai
Pangeran Bimanyu
Aduh Gusti nu Kawasa
Jisim abdi ageung dosa
Pangna abdi gering nangtung
Reh ka sepuh wantun nundung

Pupuh Maskumambang


Maskumambang mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes haté.

Conto tembang

Hey manusa mana kaniyaya teuing
Teu aya rasrasan
Kawula make disumpit
Naha naon dosa kula

Naha abong-abong teuing
Nasib abdi jadi hewan
Digawekeun beurang peuting
Dirangket taya rasrasan

Pupuh Magatru


Magatru mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.

Conto kahiji

Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung
Kopo reujeung Cisondari
Cicalengka, Ujung Berung
Rajamandala, Cimahi
Leles, Limbangan, Tarogong

Conto kadua

Nun sumuhun nu iéu namina curuk
Nu sisi namina cingir
Nu tengah nami jajangkung
Nu deukeut cingir jariji
Anu pangageungna jempol

Pupuh Lambang


Lambang mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.

Conto tembang

Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Atuh teu payu dijual
Rek didahar da teu halal
Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Meunang kadal
Atuh teu payu dijual
Rek didahar da teu halal
Da teu halal

Pupuh Kinanti


Pupuh Kinanti mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah.

Conto tembang

Budak leutik bisa ngapung
Budak leutik bisa ngapung
Babakuna tengah peuting
Ngalayang kakalayangan
Neangan nu amis-amis
Sarupaning bungbuahan
Naon bae nu kapanggih

Ari beurang ngagarantung
Pinuh dina dahan kai
Disarada patembalan
Nu kitu naon ngaranna

Pupuh Jurudemung


Jurudemung mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun.

Conto tembang

Mungguh nu hirup di dunya
Ku kersaning anu agung
Ku kersaning anu agung
Geus pinasti panggih
Geus pinasti
Geus pinasti panggih
Jeung dua rupa perkara
Senang paselang jeung bingung

Mungguh hirup di alam dunya
Ku kersaning anu agung
Geus pinasti bakal panggih
Suka bungah jeung kasedih
Dua rupa nu tumiba
Sakabeh jalma di dunya
Senang patumbu jeung bingung
Eta geus tangtu kasorang

Pupuh Gurisa


Gurisa mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.

Conto tembang

Hayang teuing geura beurang
Geus beurang rek ka Sumedang
Nagih ka nu boga hutang
Mun meunang rek meuli soang
Tapi najan henteu meunang
Mo rek buru-buru mulang
Rek terus guguru nembang
Jeung diajar nabeuh gambang

Hayang teuing geura beurang
Geus beurang rek ka Sumedang
Nagih ka nu boga hutang
Mun meunang rek meuli soang
Tapi najan henteu meunang
Mo rek buru-buru mulang
Rek terus guguru nembang
Jeung diajar nabeuh gambang

Pupuh Gambuh


Gambuh mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.

Conto tembang

Ngahuleng banget bingung
Heunteu terang kamana nya indit
Turug-turug harita teh, enggeus burit
Panonpoe geus rek surup
Keueung sieun, aya meong

Hulang-huleng, hulang-huleng
Ngahuleng ngaraga meneng
Hate ratug, tutunggulan
Heunteu terang, kaler-kidul
Turug-turug, turug-turug
Harita teh, enggeus burit
Panonpoe geus rek surup
Keueung sieun aya meong

Pupuh Durma

Durma mangrupakeun tembang pupuh anu ngagambarkeun rasa ambek, gede hate atawa sumanget

Conto tembang

Moal ngejat sanajan ukur satapak
Geus dipasti ku jangji
Mun tacan laksana
Numpes musuh sarakah
Henteu niat seja balik
Najan palastra
Mati di medan jurit

Di mamana si penjajah
Pada amarah marudah
Manan kapok anggur gawok
Najan dituyuk diragut
Nagri sadayana
Umumna ngabela
Nyempad rosa, pulitik penjajah
Tapi nu ngajajah
Teu pasrah, teu sadrah
Terus meres, ngahina ngarinah

Pupuh Dangdanggula

Dangdanggula mangrupakeun tembang pupuh anu ngagambarkeun katengtreman, kawasaan, kaagungan jeung kagumbiraan.

Conto tembang

Mega beureum surupna geus burit
Ngalanglayung panas pipikiran
Cikur jangkung jahe koneng
Naha teu palay tepung
Sim abdi mah ngabeunying leutik
Ari ras cimataan
Gedong tengah laut
Ulah kapalang nya bela
Paripaosgunting pameulahan gambir
Kacipta salamina

Hiji basa, hiji bangsa
Basa bangsa, Indonesia
Hiji bangsa, hiji nusa
Nusa tunggal nusantara
Seler-seler, suku bangsa
Diwewengkon, mana-mana
Sakasuka, sakaduka
Wujud bangsa, Indonesia

Pupuh Balakbak

Balakbak mangrupakeun pupuh anu ngagambarkeun heureuy atawa banyol

Conto tembang

Aya warung sisi jalan rame pisan ; citameng
Awewena luas luis geulis pisan ; ngagoreng
Lalakina-lalakina los ka pipir nyoo monyet ; nyanggereng

Aya warung sisi jalan
Rame pisan ku nu jajan
Tihothat nu ngaladangan
Nu jarajan sukan-sukan

Pupuh Asmarandana

Asmarandana ngarupakeun tembang pupuh anu ngagambarkeun rasa sikep kahirupan di Buana atawa Bumi alam. Oge ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh jeung alam. Pupuh teh jumlahna 7 padalisan. Guru wilangan jeung guru laguna nyaeta 81, 8a, 8o/e, 8i/a, 7i/a, 8u, 8a.

Conto tembang

Eling eling mangka eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
Raga taya pangawasa
Lamun kasasar lampah
Nafsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan

Eling eling masing eling
Di dunya urang ngumbara
Laku lampah nu utama
Asih ka papada jalma
Ucap tekad reujeung lampah
Tingkah polah sing merenah
Runtut Rukun Sauyunan
Hirup jucung panggih jeung kamulyaan