ayeuna tabuh

Sabtu, 18 Juli 2015

Pipisahan - RAF

"Yén ari pepegatan téh hiji hal anu diwenangkeun ku Allah, tapi kudu dipahing). Hal 1.


Pipisahan mangrupakeun karangan RAF anu medal taun 1975 dina wangun roman. Nyaritakeun hiji istri anu kudu papisah jeung carogé katut budak-budakna.

Dina ieu buku, jelas kagambarkeun kumaha eusi haté awéwé salalu pamajikan tur indung budak nalika nyanghareupan hal anu kalintang pitugeunaheunana - Pipisahan.

Aya sababaraha hal anu jadi akibat tina pepegatan. Anu kahiji mah geus tangtu "gejolak èmosioanal" palaku pipisahan; émutan, kasieun, ngangres, jrrd. Lian ti éta, pondasi kakulawargaan anu geus diwangun salila laki-rabi mah ancur deui. Léngkah sakapeurih-sakanyeri rumah tangga tur leungitna "status" tina 'bojo-salaki' anu geus jadi 'indung-bapa' barudak anu antukna pangabutuh barudak tina kanyaah "dwitunggal" indung jeung bapa tèh; euweuh. Sabab teu cumponna hirup répèh-rapih indung-bapa pikeun ngurus barudak. Ahirna bakal aya tapak dina hirup barudak satuluyna.

Éta meureun sababaraha hal penting akibat tina pipisahan.
Lian ti kasedih. Pangarang ogé ngasupkeun hal-hal anu jadi "motivasi", méré eunteung keur nu maca sangkan hirup kudu motèkar.

"Mimiti manggih lalakon anyar téh, sanggeus kuring ka pasar. Gok jeung anak tukang daging téa, batur sakola baréto. Soréna manéh datang ka imah. Teu pira ari mimitina mah, tina soal baju. Pokna, hayang dipangngaputkeun kabaya, rék nyaba. Susuganan bangunna manéhna ogé. Susuganan kuring bisa, pédah sahanteuna geus ngambeu kota.

Tah tina pangangguran harita, disebut pangangguran téh ngahaja-haja rék jadi "tukang kaput", kuring jadi boga kasab sorangan. Mesin "singer" nu geus lila teu dipaké, ku kuring dibersihan deui. Da puguh geus biasa, ngan sajorélat baju téh anggeus.

Taksiran kapaké ku nu pesen téh. Jeung dasar jalma boga deuih, heuleut saminggu ti harita jol deui ngéngkénkeun kaputeun satilu-tilu. Cenah dua nu manéhna, hiji deui nu bibina.
Tah ti lebah dinya, kuring kalawan teu karasa, nincak hambalan hirup anyar téh...........". (Hal 51-52). (Pokona mah si Emin bisa ngagajih dirina ku kaparigelanana. Suksés, nepi ka boga incu opat).

Dina kutipan di luhur kuring bisa nyokot gurat badag yén hirup mah lamun motékar tur parigel, rejeki mah pasti nuturkeun. Nu matak urang meungpeung ngora kénéh kudu loba pangabisa. Randa waé bisa. Héhéhé

Laju aya hal-hal pieunteungeun séjénna tina roman ieu.

Upamana nalika popotongan Emin gering. Manéhna ihlas nulungan. Tur legana haté Emin teu ijidan kanu jadi maruna (Éja).

Pokona mah kuring teu nyangka pisan kana ieu roman. Teuing nyaan henteuna mah aya kajadian kawas kieu. Teuing akal-akalan atawa kahayang penulis (RAF) pikeun ngabudayakeun akur tur ihlas ka para palaku pipisahan/pepegatan. Teuing émang ieu kajadian anu bener aya. Wallahu'alam.

Intina mah ku maca buku, urang jadi apal kana "kompléksitas" kahirupan. Urang anu can laki-rabi jadi apal kana urusan rumah tangga. Pon kitu kabeungharan-kabeungharan ajéna hirup anu kakotrét ti unggal buku.

Iqra. Iqra. Iqra.

Cicaléngka 19 Juli 2015

x

2 komentar:

  1. sae kang...Abdi mimiti maca Pipisahan RAF da ngaholeng heula. Naha beut dimimitian ku kasedih...eta RAF nyerat kata awalna oge ku "Leeh Hate"...Duh Gusti. Lilin mun leeh kapanasan da hese dibentuk deui siga lilin deui, nya oge bisa moal siga lilin deui...komo ieu Hate nu leeh.

    BalasHapus