ayeuna tabuh

Minggu, 16 November 2014

Alat Télékomunikasi Keur Budak

Ceuk saha urang Sunda buta téknologi?
Jaman harita. Nalika keur SD.
Nalika can usum mbah gugel jeung can usum alat komunikasi kawas kiwari. (Harita mah komunikasi masih kénéh vérbal).
Kungsi aya alat komunikasi anu dijieun ku sorangan kalawan daria tur sumanget.
"Teteleponan".
Harita mah teu apal naon prosés fisika-na. Da anu ukur apal mah cara nyieun jeung ngagunakeuna.
Bisa nyieun alat komunikasi ieu téh ku cara komunikasi ogé (pabéja-béja ti sungut ka sungut ; budak harita mineng silih asah silih asih silih asuh teu kawas kiwari ; sabari diajar ngomong. Lamun mata kuliah mah "kréatif berbahasa" anu didosénan ku Pa Taufik Ampéra).
Nalika aya anu apal cara nyieuna. Geuwat anu can bisa sina naréangan kaléng urut susu jeung benang kasur. Kaléng urut biasana di jarian atawa ka pasar. Benang mah sok pada nyarokotan ti imah atawa meuli.
Tuluy lamun geus nyarekel séwang-séwangan. Anu bisa langsung nyontoan cara nyieuna bari nerangkeun daria. Anu can barisa ngaregepkeun bari nurutan. Dimimiti ngaliangan bagian tengah kaléng maké paku. Tuluy ngasupkeun benang anu tungtungna geus ditali paéhkeun.
Lamun geus jadi ieu "teteleponan" téh, haté sok bungah kacida. Teu bungah kumaha. Kaweruh jeung kabisa nambahan.
Tidinya geuwat sina nyarobaan. Sok aya anu gagal sabab liangna gedé teuing. Aya anu jentré kadéngé.
"Halow halow, urang mah ayaan euy". Gorowok bungah bari nyusut lého.
Aya anu kekeresekan sora téh teu jelas, tuluy léwéh budak téh da épés méér. Tuluy diupahan bari dipangnyieunkeun deui ku nu bisa. Aya ogé anu ngaléléwé bari gutak-gitek tapi tungtungna ménta hampura ogé bari ngusapan atawa pacantél jangji moal ngaléléwé deui.
Geus dipangnyieunkeun mah tuluy dicobaan ku manéhna. Bari dareuda halow-halowan.
"Haa..ll.llow (segruk lého). Aa.ayy.aan e.euyy (segruk deui bari ngusapan cipanon)".
Geus bérés mah dibekelan ka imah séwang-séwangan.
Alat komunikasi baheula mah leuwih ramé. Leuwih karasa. Anu deukeut angger deukeut. Cara kiwari anu deukeut jadi jauh, jaba beuheung bareuh tungkul waé !
Ieu ngabuktikeun hiji kamajuan pola pikir barudak baheula. Cacakan alat kampungan - jajauheun ti modéren. Tapi prosés jeung pangaweruhna, ngajieun uteuk jeung kamotékaran beuki modéren.
Lamun ceuk Pa Undang A. Darsa mah "Modéren téh lain dina gaya atawa cangkang. Tapi eusi pikiran urang (bari nunjuk kana mastaka!)."
Cag !


Tidak ada komentar:

Posting Komentar