ayeuna tabuh

Selasa, 14 Oktober 2014

Panineungan

Peuting ieu hawa karasa tiis, seger. Sabada hujan narajang nyéboran kembang, taneuh, manusa jeung panineungan. Ras inget mangsa nalika sakola SMA. Nalika suhunan anu kungsi dicicingan ku kuring aya kénéh. Da pagigir-gigir pisan jeung imah. Pon kitu Apa masih jumeneng. Harita lamun geus hujan wanci pasosoré, kuring sok ngahaja kaluar. Cicing di buruan. Bari ngopi bari melenyun. Sok betah sabab hawana seger. Kadang Apa ogé kaluar ti imah bari mawa korsi. Milu ngopi. Cacakan jarang ngobrol. Tapi angger karasa waas. Lamun harita ngobrol kaditu kadieu. Resep sigana. Osok ngobrol. Tapi tara lila jeung tara loba. Paling ngeunaan buruan kudu disapuan sangkan beresih. Atawa kenténg oméaneun sabab geus loba anu bocor. Kuring ukur unggeuk. Teu lila Apa kajero deui. Kuring geuwat nyokot nyéré. Prung sasapu. Bari ngopi bari melenyun. Asa ku nikmat ieu hawa. Lamun geus bérés sok tuluy kajero. Nuluykeun ngopina di jero. Anu waas pisan mah nalika sareupna datang. Kadéngé wéh panto imah muka. Kuring sok gura-giru néang sarung. Riweuh! Sabab magrib geus ngagupay. Jadi saacan Apa ngageroan. Kuring kudu geus siap-siap. Lamun can siap Apa osok ngagedoran triplék. Sabab kuring laléda. Atawa ngageroan semu teges. Tuluy nuturkeun Apa ka masigit.
Balik ti masigit sok tuluy ngaderes. Geus bérés mah sok tuluy indit ka barudak. Da kuring mah béda suhunan. Jadi sok léos pleng tara bébéja. Balik-balik biasana jam sapuluh atawa sabelas peuting. Tara ngapalkeun kuring mah. Sabab horéam maca buku pelajaran. Tapi resep tutulisan. Sagala kajadian unggal poé sok ditulis dina "binder" harita mah. PR ogé dikerjakeun mah isukna di Sakola. Asa waas hawa. Bari tutulisan, ngopi, melenyun. Lamun geus tunduh karék ka cai. Isa heula. Héhé. Dug wéh tibra.

Lamun enya bisa.
Jigana rék loba nyarita da. Hayang malahan mah. Ah ieu hawa matak waas. Ngobrol kumaha baheulana, kumaha kagiatana, kumaha kasenang kasusahna. Euleuh rada nyoco ayeuna mah hawa téh!. Antukna mah ukur panineungan.
Hapunten anu kasuhun.

Cicaléngka 14 Oktober 2014

Tidak ada komentar:

Posting Komentar