ayeuna tabuh

Senin, 27 Oktober 2014

Datang jeung Mulang

Didieu téh..
Aya anu datang aya anu mulang
Anu datang pasti bakal mulang
Mung Sang Hyang anu terang
Naha urang mulang ka imah
Atawa ka alam barjah
Can lila aya anu mulang
Dibekelan obat ngarah cageur
Tapi ;
Teu lila ogé aya anu mulang
Teu dibekelan nanaon
Ukur dunga jeung cisoca
Innalillahi
Karasa aya hawa ngeukeupan
Kana ceuli
Mépéndé kana haté
Kieu pokna ;
Hidep ogé bakal mulang
Bakal !


Al-Islam Senén 27 Oktober 2014 20:05

Tidak ada komentar:

Posting Komentar