ayeuna tabuh

Selasa, 07 Oktober 2014

i'Musisi baheula jeung ayeuna

Jadi kieu mang. Tilu poe ieu kuring mineng ngadengekeun deui lagu nalika taun 1990-2000an mang lah. Nalika kuring keur SD, keur usum radio. atawa MTV gue banget lah ! Harita mah rada ulaheun lalajo MTV ku kolot ; keur dewasa beja mah. Da heueuh kapan harita mah barudak teh mineng diperhatikeun lalajo nanaon teh teu kawas kiwari. Gabres gabres weh dina internet. Maksud teh baheula mah rada ditakar lah. Jadi baheula mah barudak teh ngadengekeun si Chiquita meidy atawa si joshua. Harita mah MTV minangka stasiun anu remen nyiarkeun acara musik. Teu cara kiwari, aya Dahsyat, Inbox, jrrd ; Bari teu paruguh eta teh sabab loba nu ngacapruk ! Gararing deuih mang. Lamun acara Dahsyat atawa Inbox aya di lembur kuring mah dek dirugrugkeun panggungna ku kuring mah. Pembodohan warga eta teh mang. Lain aya kadua dibere modal keur usaha, ieu ngadan dibere duit keur jojogedan teu puguh. Rek kumaha maju bangsa urang mang euy. Geus ah, tuluykeun deui !

Mang sadar teu lagu baheula leuwih napel daripada lagu kiwari ?
Naha sok sababna?

Tiheula nalika jaman malaysia ngajajah industri musik urang. Tah didinya musisi Indonesia nyieunan lagu kacida daria jeung soson-soson pisan mang.
Antukna sukses kaluar tina penjajahan musik malaysia. Justru malik ngajajah musik urang ka Malaysia teh mang.

Baheula keur meujeuhna 'cinta monyet' ; kelas 5-6 SD lah. Loba lagu paporit teh mang. Samodel "Jikustik - Pandangi langit malam ini", "The Rain - Dengar Bisikku", "Sheila on 7 mah geus puguh loba da keur naek tiheula teh", "Cokelat oge kaasup rea", "Flanella - Bila engkau - Aku Bisa", "Laluna - Selepas kau pergi", "Naif - Sarua keur naek harita mah", "Base jam, Wayang, jrrd". Pokona mah waas pisan lah aselina mang euy. Lamun diinget-inget mah da asa ku endah mangsa harita. keur meujeuhna merdika.
Jadi dina segi inovasi musikalitas (Ceuk kuring ieu mah mang) leuwih motekar euy, berwarna lah, renyah lamun ciki mah, atawa rangu lamun kiripik mah.
Eh heueuh PAs-Band jeung Peterpan poho. Dengekeun tiheula lagu-lagu PAS atawa Peterpan. Jigana teh nyarieun lirik eujeung instrument musikna kuat ka arasak, kuat ka lezat mang. Iwan Fals mah ulah ditanya. LEGENDA eta mah, sarua eujeuung SLANK.
Jadi bener weh musisi harita mah leuwih nerap, leuwih karasa, leuwih eces, cekas, jentre lah lamun ceuk kecap anu nembongkeun hal 'jelas' mah. Hehehhe
Jadi kitu mang. Beda jeung musisi-musisi kiwari. Sok wani ngadu kuring mah.
Jujur weh. Kiwari mah orientasina leuwih kana materi jeung popularitas. Jadi musisi kiwari mah mikirna ; nupenting mah udag pasar, dimana ngehits bakal beunghar yeuh !!
Jadi lamun perlu diteuleuman leuwih jero (Edas filsafat lah si amang eta).
Ideologi musisi kiwari mah aanginan, kumaha pasar. Angin wetan, bringgggg ka kulon, angin kaler briiinggg ka kidul.Beda jeung musisi harita ; panceg teh bener. Pepereket kana ideologi musikna hade.

Baheula mah musisi anu hayang rekaman teh kudu miluan heula festival ; anu panghadena, anu pang motekarna, karek bisa dicokot ku pihak label anu dek ngorbitkeun !Jadi tibaheula ge sanajan teu pati moderen teuing. Marikirna ge angger berproses. Teu cara kiwari justru beuki moderen teh musisi ngadan beuki PRAGMATIS !! Asupkeun ka Youtube ge aing mah jadi ! Nyaho aya nu nawaran Rekaman weh. Tah nu kitu mang euy nu mikir pondok teh.
Jadi kiwari mah lain skill atawa kualitas ! Tapi KOMERSILna anu jadi udagan teh. Jadi lain lagu atawa nu nyanyina mang. Tapi popularitas nunyanyina sorangan mang.

Ah ieu mah ceuk kuring weh mang. Anu leuwih resep musisi harita, dari pada ayeuna. Laina ngabandingkeun musisina. "Tapi ideologi bermusikna" Cik atuh ulah ngawewelan ideologi pragmatis de negara Indonesia ! Sangkan industri musik urang bisa ngajul ngawang. Pelis "Tis". haha, apal teu Tis ? PRAGMATIISSSS ahahaha. Tos heula mang ah. Bade nyetel heula Pas Band - Romeo & Juliet.
Oh enya, Tere - BCL salah sawios artis anu dibantuan naek ku Pas Band hehehhee

Bandung 07-September-2014

Tidak ada komentar:

Posting Komentar