ayeuna tabuh

Selasa, 05 Agustus 2014

Candi


Candi - Cicalengka 
Pernahna di Desa Dampit (Saacan ka Curug Cindulang). saliwat mah sok jiga candi borobudur matak masarakat Calengka nyebutna "Candi". Kadang oge lamun batur aya nu nanya "mana Candi-na?"
sok di jarawabna teh "Candi-bangun" atawa "Candi-teang", sakapeung mah sok jadi bahan keur heureuy.
Lamun ngaliwat ka "Candi" bawaana sok hayang eureun heula. Sabab sok hayang nempo mobil anu jadi laleutik atawa nempo bandung teh jiga katel sabab dikulilingan ku gunung hungkul. loba gunung anu kaciri anu jelas pisan mah gunung Kerenceng di daerah Cimanggung - Parakan Muncang.
Unggal pasosore atawa malam minggu "Candi" pasti rame wae ku nonoman anu bobogohan atawa anu sakadar popotoan.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar