ayeuna tabuh

Senin, 03 November 2014

Pancaroba

ti mimiti anjeun eunteup
di sawarga manah
mawa kembang kasatiaan
harita
imut urang duaan
lumampah di buana tengah
ngawanda kaendahan alam
rasa tuluy nyaliara
sukma urang silih keukeupan
beuki raket - beuki pageuh
lir ibarat bulan jeung mata poe ;
satia nyaangan dunya
aya kalana heab narajang
tapi urang pasti ngiuhan
dina hateup kasabaran
tapi kiwari
lain ukur heab
tapi angin milu narajang
ngahiberkeun kirai-kirai
ngeundeuk-ngeundeuk ieu suhunan
anu kungsi diwangun
ku kembang kasatiaan
tur dawuh kaihlasan
aya anu ngalembereh
dina dada kana mata
nalika kasatiaan dipulasara
ku dodoja nu puguh nyata
kuring ukur simpe-pasrah
kanu maparin sagala rasa
sabab satia mangrupakeun dunga
pikeun ngahontal kabagjaan
mugia
anjeun emut kana dawuh

Tidak ada komentar:

Posting Komentar