ayeuna tabuh

Selasa, 04 Maret 2014

FIKMIN # Dongéng Ema #


Harita mah ema sok ngadongéng. Diditu didieu kadéngé ema ngadongéng. Ti isuk jedur nepi ka soré jedér kadéngé. Sora kasedih, kasusah, kabungah jeung kaambek ngahieng dina ceuli. Di imah, di  buruan, di sakola malahan mah di puseur dayeuh ogé tuluy ngusapan ceuli.
Kiwari ema geus tara cumarita. Ema mindeng jempling. Teuing kunaon.
Lir di kuburan. Lir angin nu simpé.
Ema.
Kuring sono. kuring hayang ngadéngé deui dongéng anu kiwari geus kasilih ku junti.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar