ayeuna tabuh

Selasa, 24 Desember 2013

Minyak Dina Jero Cai

Isuk-isuk barang jol ka kampus kaciri barudak geus ngarumpul di kantin anu biasa di cicingan. Kuring langsung nyampeurkeun barudak anu keur ngarobrol bari ngopi. Kuring gék nimbrung bari sasalaman. Tuluy mesen kopi ka Mang Nana. Tukang dagang anu ngajual goréngan jeung kopi.
            “Karék datang euy?” Tanya si Déde bari nuluykeun nyuruput kopi.
            “Heueuh biasa angkotna ngetém.” Témbal kuring bari gék sisieun si Ican.
           Teu lila kopi datang. Suruput kopi. Tuluy nyeungeut roko. Duh kacida ngeunahna. Keur mah hawa meujeunhna tiis kénéh. Ditambah ngariung babarengan jeung barudak. Ngobrol kaditu-kadieu ngomongkeun kajadian anu kamari. Atawa kajadian anu geus lila, tapi teu weléh bosen dicaritakeun deui. Barakatak seuseurian ngadéngé carita si Graha anu teu nyambung jeung teu kaharti malahan mah. Tuluy pada nyepétan. Da ari budak ngora mah resep pisan pasepét-sepét téh. Méh akrab canah mah.
            Teu lila barudak awéwé ngageroan sabab ayeuna téh aya pembekalan keur engké kkl (kuliah kerja lapangan) ka Baduy - Banten. Gura-giru nyarokotan tas bari pamit ka Mang Nana tuluy arindit ka kelas anu geus di tangtukeun. Nalika pembekalan kabéh mahasiswa dibéré pancén jeung sajabana. Disebutkeun ogé aturan-aturan di Baduy anu teu meunang di rumpak. Soalna urang salaku sémah kudu bisa ngaluyukeun jeung adat kabiasaan urang ditu. Jeung supaya ditarima ku masyarakat Baduy.
            Bérés pembekalan kabéh langsung barubar. Aya anu nangkring heula di kampus. Aya anu ngadan bobogohan. Aya ogé anu ngécéng pédah acan barogaeun kabogoh. Ari kuring mah langsung pamit balik. Sabab rék nginjeum tas ransel keur isuk indit ka Baduy.
            Barang nepi ka lembur tuluy kuring kateun Mang Didin. Ngahaja rék nginjeum tas ransel sabab manéhna mah budak pencinta alam. Tayohna bakal bogaeun tas anu ku kuring dipikabutuh téh. Geus meunang mah tuluy pamit balik ka imah keur nyiapkeun barang-barang anu rék di bekel keur isuk. Meungpeung geus aya tasna jadi langsung diarasupkeun barang pibekeleun téh.
            “Jang mekel naon waé?” Cék Ema bari ngabantuan mérésan baju.
            “Ah paling oraksukan sareng tuangeun waé Ma.” Témbal kuring bari néang calana sontog anu rék dipaké isuk.
            “Moal mekel duit Jang?” Sambung Ema.
            “Alah di leuwueng ieu moal aya warung, Ma. Cacakan warung, kapan listrik waé oteu acan lebet ka Baduy mah.” Teges kuring.
            “Enya atuh ari kitu mah. Kajeun mekel dahareun wéh Jang.
            “Muhun hatur nuhun Ma.” Témbal kuring.
            Geus kabéh barang disiapkeun. Kuring tuluy kaluar. Biasa ari budak ngora mah sok gampang bosen di imah téh. Komo lamun euwueh pagawéan deui mah. Ngider wéh mening ogé. Sanajan teu kabeh  budak ngora resep ulin. Da ari kuring mah jelemana beuki ulin.
            di jalan panggih jeung si Giri, Galih ogé si Adul. Keur ngarobrol. Kuring nyampeurkeun.
            “Urang isuk rék indit ka Baduy euy!” Cék kuring bari atoh.
            “Wah hayang milu euy!” Témbal giri.
            “Teu bisa atuh euy da ieu mah acara kampus.” Teges kuring.
Geus wéh cicing manéh mah Giri éta bisi Ma Itoh ménta tulung pangmeulikeun béas ka pasar.” Sambung Galih bari semu ngaléléwé.
            “Ah aing mah padahal hayang nyaho urang Sunda anu asli euy. Ari urang mah apanan turunan Jérman.”  Jawab Giri bari ngabarakatak seuri.
            “Har silaing mah lain turunan Jérman tapi turunan siluman” témbal Adul bari néké si Giri.
            didinya kuring tuluy silih hina bari seuseurian.
            “Ménta oléh-oléh heueuh?” Cék si Giri bari ngaharéwos kana ceuli.
            “Heueuh gampang lah seuseuheun mah pasti di bekel deui.”
            “Ah manéh mah angger sok kaluman” témbal Giri bari ngajengut sirah.
            “Heueuh kumaha engké onta.” Jawab kuring bari ngélékéték si giri méh ngaleupaskeun leungeuna dina buuk.
            Tuluy ngobrol deui ngeunaan kasundaan. Enyana kuring teu pati nyaho kana kasundaan ogé tapi sok didéngékeun wéh ku barudak pédah kuring mah kuliah di sastra sunda. Sanajan kitu ogé lumayan wéh ari anu ditepikeun ku dosen di kampus ku kuring sok ditepikeun  deui ka barudak pédah hayang apal cenah saeutikna ngeunaan kasundaan.
            Geus teu karasa sakeudeung deui magrib. Kuring jeung barudak bubar ka imahna séwang-séwangan. Nepi ka imah kuring tuluy mandi. Geus mandi tuluy indit ka masigit. Balik di masigit tuluy dahar. Lumayan lah aya angeun kacang. Dahareun kabeuki kuring ti leuleutik. Sabérésna dahar tuluy mariksaan deui barang anu geus di arasupkeun kana tas. Bisi aya anu katinggaleun.
            “Geus kabéh lengkep lah”. Omong kuring jero hate.
            Tuluy diampihan tasna kana lomari. Teu lila Ema nyampeurkeun.
            “Jang geus dipariksa barang téh?”
            “Atos ma, lengkep lah!” Témbal kuring.
            “Oh, ari pakakas keur mandi dibarawa teu? Kadé sikat huntu teu kabawa hayoh batur baueun!” Cék Ema bari nyengir.
            “aduh muhun hilap ma. Untung wéh diémutan, meuntaeun mah tinggaleun.” Jawab kuring bari tuluy ka kamer cai mawa sikat huntu.
            Saenggeus diasupkeun kana tas tuluy ngobrol deui jeung Ema.
            “Ma kantos teu acan ka Baduy?” Tanya kuring.
            “Teu acan Jang. Ema mah cicing wéh di lembur barinagé rék naon kaditu ari euweuh téanganeun mah. Ongkohna deuih kudu make duit kaditu téh.” Jawab Ema.
            “Oh. Atuh ema teu terang aya urang Sunda asli diditu?” Kuring nanya deui.
            “apal jang. Da ema ogé urang sunda asli. Matak ti leuleutik ngajarkeun manéh basa Sunda ogé.” Jawab ema bari nepakan taktak.
            “Muhun nya leres.” Témbal kuring bari seuri.
            “Atos Ma ah, ujang badé dug heula. Palay geura énjing.” Sambung kuring.
            “Solat isa heula kahadé poho.” Témbal Ema.
            “Muhun Ma.” Jawab kuring.
            Kuring indit ka kamer cai. Abdas. Tuluy solat. Bérés solat langsung dug ka enggon.
            Isuk-isuk Ema ngahudangkeun. Nitah solat subuh. Tuluy gura-giru mandi. Geus mandi tuluy dahar méh aya tanaga keur di jalan. Kuring pamit ka Ema.
            “Sok kahadé di jalan sing disalametkeun. Ulah loba pamolah.”
            “Muhun ma, Ujang angkat heula assalamualaikum.
            “Waalaikumsalam”. Témbal Ema bari ngusapan.
Kuring leumpang mapay gang andu. Geus nepi jalan tuluy naék angkot. Barang nepi ka kampus tuluy ngumpul jeung kelompok anu keur ngariung deukeut beus. Di absén heula ku dosén hiji-hiji bisi aya anu tinggaleun. Geus karumpul kabéh tuluy ngadua babarengan sangkan dibéré kasalametan. Tuluy unggal kelompok dititah asup kana beus. Gék diuk dina bangku sewang-séwangan. Tungtungna beus maju.
Baduy, urang datang!” Gorowok kuring dina jero beus ditémbal ku barakatak barudak.
            Salila di jalan. Kuring ngacapruk jeung barudak. Aya anu saré, aya anu ngagiling, aya anu popotoan, aya ogé anu ongkék keur saré. Jiganamah teu biasa naék mobil jauh. Gura-giru diubaran ku barudak jeung dosén.
            Geus teu karasa nepi ka Cibolégér. Kuring jeung barudak tuluy popotoan dihareupeun tugu patani. Lumayan lah keur panineungan. Teu lila dosén nitah kabéh mahasiswa ngarumpul. Mahasiswa jeung Dosén tuluy arasup ka wilayah Kanékés. Ngarumpul heula di hareupeun imah Jaro Dainah. Didinya Jaro Dainah méré talatah ka kabéh Mahasiswa sangkan ulah ngarumpak aturan anu aya di Kanékes. Tuluy sing tarapti dina sagala hal. Ulah nepi ka picilakaeun. Geus bérés. Mahasiswa jeung Dosén tuluy ngadua. Bring unggal kelompok laleumpang kajero Baduy. Kuring ngarasa atoh, tapi ngarasa sieun ogé. Atohna mah kusabab kuring kakaraeun kadieu jeung bisa ninggali langsung kahirupan urang sunda anu asli. Maksud téh anu acan kabeungkeut ku moderenisasi. Kasieunna mah, sieun aya nanaon. Sabab ieu téh leuweung sakral anu kacida keueungna. Sedengkeun kuring sieun ngalakukeun hal anu bisa disebut ngarumpak kana aturan didieu. Tapi kuring teu loba tingkah. Tuluy leumpang mapay jalan satapak anu dikurilingan ku tatangkalan laleubeut jeung hérangna walungan. Sajajalan kuring mindeng pasalingsingan jeung urang Baduy asli. Sok hayang ngobrol mah, ngan sieun ditinggalkeun ku kelompok.
            Leuit ting jaléjér. Sakapeung euweuh nanaon iwal tangkal. Tuluy manggih imah panggung. Paling kana salapan atau sapuluh  imah. Unggal nempo ka tepasna. Sok kaciri aya awéwé anu keur nenun benang anu rék dijieun iket atawa soléndang. Tapi aya anu ngajieun kuring kacida olohokna. Nyaéta awéwéna kabéh gareulis jeung beresih beungeutna. Euweuh anu katempo make make up. Kabéh alami. “subhanalloh” cék kuring dina jero hate. Kuring tuluy leumpang. Kaciri barudak leutik narempokeun. Meureun aranéheun jigana mah sabab maranéhna mah jarang nempo arurang. Ditambah papakéan anu diparatéh warna beureum kabéh sabab baju KKL taun ayeuna mah warnana beureum. Ogé marawa tas badag sagala. Aya anu seuri aya anu ngadan nyumput budak téh. Pikaseurieun.
            “Aduh cape euy!” Si Asép ngomong bari ngagubragkeun manéh.
            “Heueuh sarua cape urang ogé, keur mah jalana nanjak tuluy jaba leumpang teu eueureunan.” Jawab kuring bari eureun ngadagoan si Asép.
            “Ripuh euy tara leuleumpangan téh. Karuatan jigana nya urang dieu mah!” Témbal Asép bari hah-héh-hoh.
            “Éh ulah salah. Urang dieu mah sanajan tara putsal atawa narik béca jiga di lembur urang ogé, tapi bitisna jaradi. Budak sagedé urang waé tara paritnes gening deuleu ku manéh awakna haradé.” Teges kuring bari rada nyengir.
            “Heueuh bener euy. Teu kudu kasentét gara-gara pitnes jeung teu kudu ngaluarkeun duit keur meuli susu anu keur ngahadékeun awak téa gening.” Témbal Asép bari nyakakak seuri.
            “Geus hudang ah. Hayu manéh téh urang geus di tinggalkeun ku barudak Sép.” Cék kuring bari ngabedol leungeun si Asép.
            “Heueuh hayu atuh”. Témbal Asép bari nangtungkeun manéh.
            Kuring jeung Asép rada gancang leumpangna. Soalna sieun tinggaleun jauh ti kelompok. Anu paling sieun mah kuring nyasab didieu. Unggal imah anu kaliwat, kuring sok tatanya ka ibu-ibu atawa wanoja anu keur nenun di tepas. Nanyakeun kamana arah rombongan kelompok kuring tuluyna. Ditunjukeun kaditu-kadieu. Leumpang beuki gancang, untungna kapanggih. Ari pék téh kelompok kuring ogé keur caringogo da carapéeun, sawaréh aya anu gogoléran dina luhureun ransel anu eusina baju hungkul. Tapi anu kantongna di buruhkeun mah ngan ukur caringogo bari ngarinum cai hérang. Kaciri ngoprotna késang anu kaluar.
            “Haduh ampun capé.” Gorowok Téh Époy.
            “Sing sabar nya néng!” Témbal Dosén anu ngabingbing bari motoan kaayaan sakulilingeun. Kadang ogé motoan ékspresi barudak anu jaramedud. Kuring sok kadang cungar-cengir sorangan nempo barudak jaramedud. Tuluy kuring leuleumpangan da hayang ninggali alam anu kacida éndahna. Kuring neuteup. Jero. Mapay sirah gunung nepi ka batu anu aya di walungan.
            “Duh Gusti. Pangéran sajati. Kacida kawasana anjeun nyipta kahirupan anu teu disangka. Geuning dijero leuweung anu kacida jerona anjeun ngatur kahirupan anu lancar. Malah mah gemah ripah loh jinawi téh karasana mah di tempat anu kieu geuning. Di tempat anu dimana jelema tara loba ngomong. Tapi loba gawéna. Di tempat anu dimana jelema tara mikiran harta. Tapi mikiran kabagja keur balaréa. Dimana jelema tara loba dalil diumbar. Tapi sukma anu raheut jerona. Dimana lojor teu meunang di potong. Pondok teu meunang di sambung.leuwih teu meunang di kurang. Kurang teu meunang di tambah. Allohuakbar.”
            “Euy ngalamun waé!” Cék Kang Hérmawan bari ngareungreuwas.
            “Henteu Kang. Ieu keur nempo éndahna dunya. Surga dunya maksud téh.” Témbal kuring bari seuri.
            “Hahaha. Heueuh tiis ceuli hérang panon euy didieu mah. Béda jeung di kota. Knalpot motor  garandéng. Jaba panas deuih da tangkal geus di barabadan.” Témbalna bari siap-siap indit deui.
            “Hayu ah maju deui. Geus teu pati cape teuing kan?” Ajak Pa Baban semu nanya.
            “hayu pa, méh énggal dugi.” Témbal Téh Péra.
Kuring jeung kelompok tuluy narangtung deui. Bring maju. Teu lila dihareup geus kaciri tanjakan. Atuh langsung pada ramé kukulutus. Kuring sok hayang seuri ari geus kieu téh. Komo si Asép mah nepi ka nenggeulan tuur jeung bitis na. Ngahaja méh kuat senah. Kuring didinya nyakakak sabab teu kuat hayang seuri nempo sukuna anu geus ngadégdég. Kaciri di tukang aya dua urang Bapa-bapa anu mawa awi di tanggeuy dina taktak. Tanggeuyanna téh pinuh ku tas awéwé anu muruhkeun. Didinya barudak langsung jarempé olohok teu percaya. Manéhna mawa babawaan anu beurat. Naék kana tanjakan. Didinya barudak langsung sarumanget. Bari leumpang bari seuseurian teu percaya ninggali anu bieu ngaliwat.
            Sajam, dua jam, tilu jam, opat jam. Tungtungna mah nepi ogé ka tempat anu di tuju. Nyaéta Désa Cikadu. Kaasupna ka Baduy luar. Tapi pangtungtungna ti belah kulon mah. Ogé mangrupakeun kampung anu jadi wates antara Baduy luar jeung Baduy jero. Kaciri barudak ngagalolér di tepas jaro kampung cikadu. Warga barijil narempokeun kadatangan kelompok. Tuluy aya anu méré lahang. Malahan mah aya anu méré kadu sagala. “Duh mani barageur.” Cék kuring na jero hate. Teu karasa langit geus poék. Nutup kacapé dina poé mimiti.
            Isuk-isuk barudak dihudangkeun ku Pa Baban. Dititah arindit ka walungan bari marandi. Geus marandi tuluy néangan data anu dipancénkeun ku dosén. Datana téh ngeunaan obat tradisional. Geus bérés nanyaan data tuluy ngobrol kaditu-kadieu jeung warga. Cacakan basa na rada béda. Pédah teu make undak usuk basa. Tapi rada nyambung ngobrol mah. Bérés ngobrol téh tuluy nyampeurkeun barudak leutik anu keur arulin di buruan. Ngahaja hayang miluan ulin. Hayang apal pangpangna mah kaulinan barudak urang Kanékés. Peutingna ngobrol jeung pemuda anu saumuran. Tuluy nanyaan ngeunaan kahirupan didieu. Di Baduy anu kacida tengtremna.
            Teu karasa geus tilu poé kuring jeung réngréngan cicing di dieu. Kabéh barudak pamit mundur rék balik. Saacan balik, kabéh warga dikumpulkeun. Sabab barudak hayang popotoan heula jeung warga. Geus bérés popotoan tuluy pamit. Indit ka Cibolégér tempat ngumpul kabéh kelompok. Aya anu balanja kaén samping, iket, geulang, asbak jeung lianna. Tuluy kabéh naraék beus indit balik ka Jatinangor.
Teu karasa geus nepi ka Jatinangor. Tuluy baralik ka imahna sewang-séwangan. Nepi ka imah, kuring langsung saré sabab capé pisan. Isuk-isuk kuring hudang. Dihudangkeun ku Ema. Kaciri si Bungsu keur dahar bari nongton tipi. Kuring ka kamer cai tuluy solat. Bérés solat tuluy ninyuh kopi. Bari moyan di buruan. Torojol Ema nyampeurkeun. Hayang ngobrol jigana mah pangalaman anu geus kuring boga tiditu.
            “Kumaha Jang betah teu diditu téh? Tanya Ema bari mawa goréngan.
            “Betah pisan Ma. Tiis ceuli hérang panon. Jalmina harandap asor. Mung arisinan.” Jawab kuring bari nyuruput kopi.
            “Euleuh-euleuh. Geuning kitu nya saé atuh. Kumaha éta téh sarakola teu jang barudak atawa pemudana?” Tanya Ema beuki panasaran.
            “Henteu Ma. Rata-rata pamegetna ngajaga huma. Istri na ninun.” Témbal kuring.
            “Atuh geuning teu sarakola? Teu baroga élmu meureun ? Tuluy ari agamana naon Jang?” Ema beuki panasaran.
            “Nya teu sakola ogé geuning tengtrem diditu mah ma. Kabéh alakur. Teu aya pisan papaséaan. Teu kudu mikiran tuangeun sabab sagala aya. Lemah cai na ogé subur makmur. Teu jiga didieu, ngadan dijualan ka batur geuning Ma. Agamana mah Sunda Wiwitan ma.” Témbal kuring.
            “Éh apanan cék hadis ogé hirup mah kudu nyiar élmu. Atuh musrik Jang? Teu mangéran ka Allah meureun?” Témbal Ema.
            “Ah buktosna ogé geuning arurang diajar ppkn angger wéh anu paraséa mah paraséa. Aturan seueur anu dirumpak. Diajar biologi ongkoh tapi teu ngartos upami tatangkalan di babad téh bakal ngaganggu ékosistem teras nyababkeun banjir sareng longsor. Kajabi geuning kiwari mah taneuh téh ngadon digentos ku beton. Teras agama ogé diwewelan ti alit kénéh. Tapi punten-punten, maenya korupsi beuki ngaraja? Goréng haté, kufur nikmat kana kabeungharan alam anu parantos dipasihan ku Allah? Éta mah hak-na Ma. Anu penting mah hirup hurip teu ngarogahala.” Teges kuring.
            “Ujang mah puguh miharep téh dunya jiga kitu. Tengtrem subur makmur gemah ripah loh jinawi.” Sambung kuring semu jamedud.
            “Enya tapi kan lamun jauh ti Alloh mah sia-sia atuh kabéh anu geus dilakonan téh!” Témbal Ema.
            “Muhun Ma leres. Anu uninga mah mung Alloh anu parantos ngatur sagalana. Urang mah kantun nurutan anu saéna sanaos ti jalmi anu jauh tina élmu. Ari saé mah tuturkeun waé Ma. Mung urusan kayakinan mah keun waé da urang teu tiasa maksa batur kedah sami sareng urang. Kapan Alloh gé nétélakeun yén urang kedah sukur ka samudaya anu parantos dipaparin. Hartosna urang kedah ngahargaan urang kanékés anu dugi danget ayeuna tetep kénéh ngamumulé budaya sareng kabeungharan alam anu parantos dipaparin ku alloh.” Jawab kuring.
            “Muhun kahadé Ujang ogé kedah tiasa jiga kitu atuh ari kitu mah. Sok turutan. Anu alit heula wéh. Sukur ka Alloh anu parantos maparin ujang élmu anu sakitu seueurna. Mugia ujang mah janten jalmi anu imbang. Antawis agama jeung budaya. Ulah dugi ka paguntreng. Tapi candakan anu saéna. Piceun anu awona.” Tembal Ema bari indit ka jero.

            Kuring teu ngajawab nanaon. Sabab kuring rumasa acan bisa neuleuman duanana. Matapoé ngusap kulit ku haneutna. Ngan angin embung éléh nyocoan awak kuring nepi ka ngadégdég.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar