ayeuna tabuh

Kamis, 10 Oktober 2013

Hapunten

Peuting ieu.
Aya kereteg anu ngadedel sukma.
Nalika panon ngawang ka alam tukang.
Ngahiliwrkeun angin simpe.
Mudalna rasa kaduhung anu kacida.
Hiji tangkal anu geus ngahasilkeun buah.
Mepende ku renghapna hawa
Ngiuhan ku euyeubna daun
Meresihan ku suci-na ibun

tapi, geus mere naon kuring ka anjeuna?

Hapunten anu kasuhun apa
Pamugi do'a jeung budak anu soleh bisa nyaangkeun anjeun.
hiji deui. elmu anu mangpaat di anjeung insya Allah dilarapkeun dina kahirupan simkuring.

Kapihatur, Almarhum Apa. Kadeudeuh kuring.

01-08-1964 - 28-02-2013
:'(

Tidak ada komentar:

Posting Komentar