ayeuna tabuh

Jumat, 20 September 2013

FIKMIN #Hirup#

aya kaéndah nalika subuh datang
tasbih ibun ngeclak dina tatangkalan
kawas rébuan wirid muka poé
hiliwirna angin ngusap raga
kawas kecap "wilujeng sumping" ti alam dunya.

aya kamelang nalika beurang datang
héabna matapoé, ngucurkeun masalah dina panasna
ngumbar kaambek dina sérabna
mawa kanapsu anu nyocoan
Tapi ! némbongkeun tanggung jawab anu badagna

aya kagumbira nalika méga ngagupayan
geleng urat dunya ngupahan haté
méré kanyaah ku iuhna dunya
sagala kamelang geus ngajengkang
ditarajang ku mangrébu-rébu béntang
teu aya deui anu kedah dilakonan

Heup!

antep bulan anu ngagantung sina mépéndé
kawas kecap "bral geura miang"
hariring peuting anu dipupusti
ngupahan capé.. panutup poé..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar