ayeuna tabuh

Sabtu, 01 Desember 2012

Tangkal jeung Buah


Hudang ! subuh ! Gorowok Apa bari ngagedor triplék anu ngahalangan enggon jeung dapur. Panon karasa beurat pisan. Tapi haté geus kagok kaendeur, ku cara Apa ngahudangkeun. Gura-giru cengkat bari maksakeun muka panon nu kacida beuratna. Dék ngaléngkah ogé mani hésé pisan. Tapi, tibatan ceuli kudu kagandéngan deui mah kuring ngéléhan. Muru kamer cai. Bus asup. Ceng téh bulu punduk ngadadak narangtung. Pori-pori anu biasana nyarumput ngadadak némbongan dina leungeun jeung punduk. “Alah pira cai tiis ieu” cék kuring dina jero haté dituluykeun ku leungeun anu keur nyekel sisiuk. Kuring abdas. dék nyanghareup nu Maha Suci dipirig ku haté semu kapaksa. Kaluar ti kamer cai tuluy ka enggon. Muka lomari, rék nyokot sarung jeung jékét. Kuring indit ka masigit.
                Kaluar di masigit hulu tanggah nempo langit nu katempo éndah ku buleud jeung caang na bulan. Kuring ngan ukur ngecapkeun subhanalloh kalayan tungkul. Naha kuring tungkul? Sabab rumasa éra ku chandra anu taya réh na ngalakonan pancén ti Alloh keur méré kaéndahan ka alam jeung manusa. Naha ari urang manusa anu dibéré akal sok kadang poho kana naon baé anu geus dipapain ku Anjeunna.
                Nepi imah geus nyampak Ema keur nyeuseuhan baju. Apa gura-giru muru kur’an teu eureun minuhan tabungan keur jaga. Kuring dék ngaji téh asa haroréam. Nya atuh daripada hulang-huleng teu puguh mah ngahurungkeun tipi wéh kuring téh. Ngan asa angger, dijero tipi euweuh nu robah, korupsi deui korupsi deui nu dibahas téh, asa geus édan pisan kiwari kana duit. Teuing nu boga jabatan, teuing nu cacah ogé beuki. Pédah nu ngabédakeun mah ari anu cacah mah can kungsi jangji ka masarakat. Jeung lain ngahakan duit jutaan jalma, paling hiji dua. Angger wéh korupsi mah korupsi. Ngahakan duit lain hak na.
                Geus seubeuh nempo kagéloan, pareuman wéh tipi téh. Daripada miara kagoréngan haté ka batur. Tapi da angger, kuring mah goréng haté. Da manusa mah sireum leutik di kajauhan katempo. Gajah badag hareupeun teu kadeuleu-deuleu acan. Cacakan aya hadis na ogé, angger wéh agama ayeunamah ngan ukur dijadikeun idéntitas hungkul. Ari eusina teu di teuleuman. Buktina nu mamawa ngaran pangéran gé geus wani-wani ngarogahala. Teu jalma teu harta banda, kabéh di rarad.
                kuring ngingkig ka buruan. Nyokot sapu nyéré, tuluy nyapuan daun anu ragrag dina tangkalna. Ogé mulungan buah anu sisina béak digorogotan kalong jiganamah. “Ieu buah téh ragrag teu jauh dina tangkalna, tapi naha nya tangkalna mah hadé reunceum ku daun, malah buah na gé laleubeut geuning.” Geretes kuring jero haté. “Ah jiganamah pédah wéh ari kalong mah teu nangtukeun dék eunteup dina tangkal anu mana. Nu penting nyatu”. Teges kuring.
                Kuring nuluykeun deui sasapu. Tuluy di sodokan daun anu geus ragragna. Diéntepkeun kana gundukan runtah. Tuluy di duruk ku kuring. Kaciri aya apa kaluar bari mawa korsi ogé leungeun katuhuna nyenyekel gelas eusi kopi. Da kaharti ku kuring ogé isuk-isukmah paling nikmat ngopi. Komo deukeut tatangkalan mah, Seger. Tuluy kuring kaingetan buah anu sisina béak ku kalong, niat mah dék di duruk. Pas dék di alungkeun pisan kana durukan. Kaburu dicaram apa. “Montong dipiceun jang” caram apa. “Naon da tos séép sapalih ku kalong Pa, barinagé alim nuang na gé”. Témbal kuring bari nembongkeun. “Heug beresihan atuh da bisa kénéh di dahar belah séjénna” cék apa bari ngahurungkeun roko! “Muhun atuh pa ke pameng simpen heula wéh nya dina téras” cék kuring bari ngadeukeutan siduru.
                Geus kahaneutan mah kuring ka dapur nyokot baskom, tuluy dieusian cai keur meresihan buah anu tadi keukeuh cék apa ulah di piceun. Geus diberesihan, tuluy mawa piring jeung péso ka apa. “Tunda wéh na méja” cék apa. Ku kuring ditunda dina méja tuluy indit ka kamar. Niatmah dék ngagoler da tiris, sabab ngeunaheun mun dituluykeun saré téh, tapi kapikiran deui buah anu ragrag tadi, anu diala sawareh daging na ku kalong. Naha bener lamun tangkalna hadé buahna bakal leubeut jeung haradé? Tuluy buah anu ragrag téh moal jauh na tangkalna. Moal jauh kahadéana alias bakal ngeunah atawa ngan ukur moal jauh ragragna hungkul ?
                Kuring beuki lieur. Dék saré ngadan kapikiran kénéh. “Naha ngadan jadi panasaran kieu ieu téh” cék kuring nyuat. Lamun tangkalna hadé, tangtu buah na gé bakal hadé? Gening tadi cacakan ragrag handapeunana, angger gening aya waé anu goréngna. Malahan mah jauh tina anu salila ieu dibayangkeun. Atawa ngan ukur pédah ragrag handapeunana téh pasti moal jauh tina tangkal anu ngaragragkeunana? “Ah ngadan beuki lieur” cék kuring bari nutupan beungeut ku bantal.
                Teu karasa wanci geus pecat sawed. Karasa beuteung kekerebekan. Jung nangtung ka dapur nyiar dahareun. “Maa palay tuang” cék kuring semu ngajorowok. “Éta aya endog dina kérésék, pék goréng ku sorangan” cék ema bales nyrowok da keur moéan baju. Kompor di cetrékeun, tuluy sibeunguet heula ka cai. Balik deui ngagoréng endog. Tuluy dahar. Geus seubeuh tuluy kakaratak kana lomari, susuganan aya duit dina handapeun baju keur meuli udud. Geus dahar teu udud mah asa kurang sampurna nikmatna. Untung aya récéh hungkul saratusan dua belas siki. Soalna lamun pulangan kencring mah sok ngahaja ditunda handapeun baju da pasti bakal butuh.
                Karesepmah samsu udu téh, ngan béak nya garpit wéh da salila ngebul mah euweuh masalah. Bari cingogo diburuan melenyun. Kuring ngadadak mikiran deui tangkal jeung buah. Duh kacida panasaranana. Kahayangmah meunang saeutikna makna atawa hal anu bisa dijieun keur kahirupan.
                “Tangkal. Lamun tangkalna hadé, tayohna daun jeung buahna leubeut” naha salila ieu jalma ngan ukur nempo luarna hungkul kitu ? Atawa émang bener ngahartikeun luarna hadé pasti jerona ogé hadé ? Ah geuning dina tipi gé luar na mah hadé, tapi jerona geuning? Heueuh hampir sarua jeung buah anu tadi wanci balébat murag. Atawa, buah ragrag teu jauh dina tangkalna? Lamun kitu kabéh jalma miboga sipat anu sarua jeung kolotna? Hartina kolotna bedegong budakna ogé pasti bedegong. Kolotna bageur tayohna sarua? Gening si Éha. Sakitu kolotna koboy dangdut, manéhnamah rajin ka masigit, malahan mah osok ngilu pangajian unggal asar. Indungna ogé cacakan sok nyanyi dangdut. Angger wéh Néng Éha mah soléhah. Atawa si Aang. Kolotna kiayi jago ngaji, angger wéh intisari mah di purak. Komo mun geus peuting mah nepi ka awéwé sagala bedegong na téh. Sanajan kolotna teu apaleun ogé angger wéh ditilik tina kajadian tangkal jeung buah téh, geuning asa teu nyambung. Jadi naon anu sabenerna téh?
                Kuring tuluy mandi. Geus mandi indit kaluar. Néangan jawaban dina kahirupan. Da geuning kacipta jalma ku sababaraha hal anu moal sarua. Kari urang na anu ngalakonanana. Hadé goréng ogé bakal manggih nu saenyana. Teu ayeuna mah engké ogé bakal. Cacakan reunceum ku daun, saha nu nyaho buahna bakal goréng atawa sabalikna. Ogé mun murag teu jauh tina tangkalna. Bisi waé katajong ku batur. Cacakan geus di rarad kalong ogé sok kadang aya nu bakal meresihan. Kumaha urangna. Mun hayang beresih mah sing hade lampah. Tong nyalahkeun teuing tangkal anu teu bisa nutupan maké daun nu reunceum. Da mun carang ku angin mah saha nu nyaho.
                Poé ieu kuring kumalayang. Mapay wahangan dina pikiran anu kacida rieutna. Nempo majuna cai ku panon sorangan.

Jatinangor. 05-09-2012

Janari gede.
Ku Yasfi Maziya Mufida

Tidak ada komentar:

Posting Komentar