ayeuna tabuh

Jumat, 28 Desember 2012

Kantor Kacamatan Cicalengka


Sasana Sawala Cicaléngka diadegkeun nalika Cicaléngka jadi Afdelling (Kota Administratif). Sasana Sawala ayana di payuneun kantor Afdelling. Keur jaman aya kénéh kawadanaan. Kantor Afdelling jadi kantor Kawadanaan. Cicaléngka anu ngawengku Kecamatan Cicaléngka, Rancaékék sareng Cileunyi, ayeuna éta Kacamatan téh parantos dimekarkeun. Cicaléngka jadi tilu. (Cicaléngka, Nagrég jeung Cileunyi). Cileunyi jadi tilu. (Cileunyi, Ciléngkrang jeung Cibiru, tapi ayeuna Cibiru asupna ka Kota Bandung). Iwal Rancaékék hungkul anu teu mekar. Sabada medal Undang-undang otonomi daérah (UU no 22. Taun 1999) Kawadanaan dipupus (teu aya deui struktur Pamaréntah tingkat Kawadanaan). Kantor Kawadanaan ayeuna jadi kantor Kecamatan Cicaléngka.
Sasana Sawala dijaman Afdelling tug ka kiwari masih angger jadi tempat sawala (musawarah). Rumengkep jeung Balé Rancagé (kréatipitas). Sawala mah kaitung langka, paling kerep ogé sataun sakali. Tapi ari pintonan karancagéna nonoman mah kaitung remen sakurang-kurangna sabulan sakali. Konstruksi wangunan Balé Sawala, satengah jandéla ku batu hirup (batu susukan), kaluhurna kawitna mah papan, lajeng diréhab jadi ku bata. Jandéla anu digunakeun nyaéta jandéla rakocék (anu dibagi genep garisna). Dibagian luarna ditutup ku jandéla jalosi (malang ditengahna tapi nyangéyéng ka handap). Ayeunamah éta wangunan téh tos di rénopasi konstruksina jadi beton jeung kenténg aluminium. Baheula mah suhunan téh ku jati, kenténg na kenténg barong (aya belenongan/buleud).
Sasana Sawala ukurana 16x20m. Buruanana lega. Baheula mah komplék téh legana sahéktar. Ayeuna mah kari 0,6 héktar. Da gédéngeunana di anggo kantor nu lian sapertos Bank, Kooprasi, jsb.

Sumber : Pa Dadan Dania.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar