ayeuna tabuh

Kamis, 03 Januari 2013

FIKMIN #Kukulutus#


panon poe ngaheab, kitu oge hate kang Ruslan anu kacida ambekna nempo budakna ngider wae euweuh di imah. Tuluy dipangmeulikeun komputer jeung gem na sangkan budakna cicing di imah. Budak kacida bungahna. Kitu oge kang Ruslan jadi teu hariwang deui. Teu lila dina warta tipi aya beja yen egrang di aku ku nagara tatangga. Kang Ruslan kukulutus. "kaulinan aing keur leutik dipaokan. Areuweuh kaera kitu!!"

Yasfi MaziyaMufida. 2 Januari 2013.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar