ayeuna tabuh

Sabtu, 08 Desember 2012

Singlar

Singlar aing singlar duna
Duna aing duna Allah
Duna Rasulullah
Di singlar ku kanjeng Nabi Muhammad
Bersih badan
Bersih nyawa
Bersih ku kersaning Allah
Lailahaillallah Muhammadan Rasulullah
Astagfirullah hal adzim
Asyhadu anla ilaa haillallah
Wa asyhadu anna Muhammadan Rasulullah
Bul kukus Sang Kadering (Sang Kadering) menyan
Di buana Panca tengah
Kanu seda kanu sakti
Tegesing ratu rembesing kusumah
Abdi nyuhungkeun pangdongkapkeun
Ka Sunan Ambu Ratna Rarang
Ka Pohaci Ratna Karang
Wa ashadu ka Sadati
Ti pambaran murba araning Allah
Sing rasa sun alangit
Pohaci Mayasari
Masing terus ka jasmani
Palilisan saayana di bumi
Suk yanng (Suk yanng - Suk yanng) Bumi
Suk yanng (Suk yanng - Suk yanng) Langit

Tidak ada komentar:

Posting Komentar